Karedok Bandung jeung cara nyieuna
- saturdayriot
- Sep 20, 2019
- 1 min read

Karedok
Nyaeta kadaharan Sunda anu bahan dasar na rempah rempah jeng lalaban
benten jeng kadaharan nu laina,karedok ngagunaken bahan utama na nyaeta lalab anu atah
Lalaban ieu ngahaja teu di olah kusabab supados lalabna seger jeng nikmat,oge supados nutrisi jeng gizi nu aya dina lalaban teu lengit ku proses masakna
Karedok ge sarupa jeng kadaharan sunda nu laina nyaeta Lotek,bedana lotek mah di seupan hela,tapi kadang aya oge anu teu di seupan,kumaha selera masing masing
Karedok Bahan utama na mah nyaeta bumbu dapur ciga cikur,cengek,bawang bodas,gula bereum,kacang,uyah jeung sajabana
kanggo lalab na urang bisa ngangge lalab naon wae mulai ti leunca,bonteng,toge,ngkol jeng waluh
CARA NYIEUN KAREDOK
alat jeng bahan:
1.Coet jeng mutu
2.gula berem
3.uyah
4.cikur
5.kacang goreng di halusken
6.bawang bodas
7.cengek (sesuai selera)
8.tarasi
9.cai asak (cai nginum)
cara nyieuna:
1.nyieun bumbu kacang heula,carana nyaeta rendos gula berem,kacang goreng,bawang bodas,cikur,tarasi,cengek dugi ka halus
2.guyur ku cai asak dugi bumbuna sadaya rada cikruh
3.tong hilap tambahan uyah supados gurih rasana
4.campurken lalaban anu atah kanu bumbu nu tos di jien tadi
5.purulukan ku bawang goreng supados raos
6.karedok parantos siap disajikeun
jaman ayenamah karedok teh mulai loba inovasina,loba bahan lain anu dijadikeun bahan karedok,ciga basreng(baso goreng),tahu,cireng,cimol,jeng lain na
sakitu wae artikel ngeunaan karedok
Hatur nuhun
コメント